Home » » Biografi Ahmad Héryawan Dalam Bahasa Sunda

Biografi Ahmad Héryawan Dalam Bahasa Sunda

Written By BOTAK on Monday 4 March 2013 | 06:57



Biografi Ahmad Héryawan Dalam Bahasa Sunda
Ahmad Heryawan

Gubernur Jawa Kulon
Ngajabat
Awal mangku kalungguhan
2008
Présidén
Susilo Bambang Yudhoyono
Wakil Gubernur
Yusuf Macan Effendie
Saméméhna
Danny Setiawan
Rincian pribados
Gumelar
19 Juni 1966 (yuswa 46)
Sukabumi, Jawa Kulon
Partéy pulitik
Partey Keadilan Sejahtera
Pasangan
Netty Prasetiani
Alma mater
LIPIA
Ageman
Islam
Ramatloka
www.ahmadheryawan.com

Ahmad Héryawan (éjahan asli: Ahmad Heryawan, lahir di Sukabumi, 19 Juni 1966) nyaéta saurang pulitikus Indonésia sarta gubernur propinsi Jawa Kulon nu ayeuna keur ngajabat. Taun 2008, Ahmad Héryawan kapilih jadi Gubernur Jawa Kulon pikeun période 2008-2013 babarengan jeung wawakilna Dédé Yusuf.

Biografi
Ahmad Héryawan babar di Sukabumi 19 Juni 1966. Atikan ti tingkat SD nepi ka SMA dianggeuskeun di Sukabumi, sedengkeun tingkat sarjana di Fakultas Saréat LIPIA Jakarta warsih 1992.
Anjeunna jadi anggota DPRD DKI Jakarta 1999, ayeuna manéhna ogé aktip ngabina di sawatara yayasan sosial, pemberdayaan balaréa sarta lingkungan. Sajaba minangka pulitikus sarta mubalég, Ahmad Héryawan kungsi ngajar di sawatara paguron luhur. Ahmad Héryawan nyekel kalungguhan minangka Pupuhu Umum PB Persatuan Umat Islam (PUI) saprak warsih 2004-ayeuna, saterusna anjeunna nyekel kalungguhan Wawakil Pupuhu DPRD Propinsi DKI Jakarta période 2004-2009.
Taun 2008, Ahmad Héryawan kapilih jadi Gubernur Jawa Kulon pikeun période 2008-2013 minangka calon ti Partai Keadilan Sejahtera (PKS) babarengan jeung wawakilna Dédé Yusuf, urut aktor sarta anggota DPR ti PAN.

Pilkada Jawa Kulon 2008

Milangkala ngahadep ka acara pemilihan kepala daerah (gubernur) kanggo propinsi Jawa Kulon nu bade dilangsungkeun taun 2008, Partey Keadilan Sejahtera ngusahakeun tiasa koalisi sareng sabaraha hiji partey nu aya di DPRD Jawa Kulon, nu tujuanna supaya tiasa nyandak salah sahiji kader ti parteyna janten Wakil Gubernur di pilkada taun 2008.

Kulantaran partey-partey nu rencana diajak koalisi ku PKS, ngusung calon masing masing, nyaeta Partey Golkar nu koalisi jeung Partey Demokrat ngusung pasangan gubernur incumbentDanny Setiawan jeung Iwan Ridwan Sulandjana, teras PDIP nu koalisi jeung PPP ngusung pasangan Agum Gumelar jeung wakil gubernur incumbentNu'man Abdul Hakim, maka PKS pun akhirnya ngawanikeun maneh ngusung calonna sorangan janten gubernur, calonna nyaeta Ahmad Heryawan nu keur ngajabat janten Wakil Ketua DPRD DKI Jakarta, dimana kanggo posisi wakil gubernur, PKS ngajak PAN koalisi terus nempatkeun artis Dede Yusuf atawa Yusuf Macan Effendie janten calon wakil gubernur.

Hasil itungan pilkada gubernur Jawa Kulon ieu, mere kejutan yen pasangan Ahmad-Dede nu tadina underdog tiba tiba mimpin perolehan pilkada ku 40% leuwih sora ngelehkeun pasangan Agum-Nu'man di posisi kadua jeung Danny-Iwan di posisi terakhir.

Hasil ieu nganteurkeun Ahmad Héryawan janten gubernur Jawa Kulon nu katilubelas ngagentos pa Danny Setiawan.

Organisasi
  • Pupuhu Majelis Pemuda PP PUI (1991-1999)
  • Pupuhu PP PUI Bidang Kepemudaan (1999-2004)
  • Pupuhu Umum PUI (2004-ayeuna)
  • Pupuhu Umum DPW Partai Keadilan DKI Jakarta (1999-2003)
  • Anggota Dewan Syariah DPP Partai Keadilan (2000-2001)
  • Pupuhu Umum DPW PKS DKI Jakarta (2003-2006)
  • Pupuhu Majelis Pertimbangan Wilayah PKS DKI Jakarta (2006-ayeuna)
  • Anggota Komite Pengawas BAZIS DKI Jakarta (2002-2005)
  • Pupuhu Komite Pengawas BAZIS DKI Jakarta (2005-ayeuna)
  • Pupuhu Dewan Pendiri Yayasan Empati Sesama (2001-2006)
  • Pupuhu Dewan Pembina Yayasan Empati Sesama (2006-ayeuna)
  • Pupuhu Dewan Pengawas Yayasan Insan Madina (2006-ayeuna)
  • Anggota Dewan Pembina GOKASI DKI Jakarta (2005-ayeuna)
  • Anggota Forum Silaturahim Masyarakat Betawi (2005-ayeuna)
  • Anggota Kaukus Lingkungan (2006-ayeuna)
Karir
  • Dosen Lembaga Dakwah Islam Alhikmah
  • Dosen Universitas Ibnu Khaldun
  • Dosen teu tetep FE Extention UI
  • Pupuhu Fraksi Partai Keadilan DPRD DKI Jakarta taun 1999-2004
  • Anggota Panitia Anggaran DPRD DKI Jakarta taun 1999-2004
  • Anggota Komisi C Bidang Anggaran DPRD DKI Jakarta taun 1999-2002
  • Anggota Komisi E Bidang Kesejahteraan Rakyat DPRD DKI Jakarta taun 2002-2004
  • Wawakil Pupuhu DPRD DKI Jakarta taun 2004-2009
  •  Gubernur Jawa Kulon 2008-ayeuna
Sumber : Wikipedia
Share this article :

0 comments:

Post a Comment

Powered by Blogger.

Blog Archive

 
Support : Your Link | Your Link | Your Link
Copyright © 2013. TAUBAT SAMBAL - All Rights Reserved
Template Created by Creating Website Published by Mas Template
Proudly powered by Blogger